Kamis, 19 Oktober 2017

Cuhrat - curhat III

Urang Rido Ikhlas Ngajalanan

Urang jeng maneh karek kenal
Urang jeng maneh saacana teu saling apal

Teuing naon nu jadi alesan pastina
Urang jadi boga hate leuwih ka manehna

Poe ka poe dijalanan
Ieu rasa asa beuki nambahan
Ieu hate asa beuki kahatean

Meski urang sadar .. loba jelema anu sarua ngadekeutan
Dan urang sadar oge .. eta jelema nu ngadarekeutan
Boga loba kaleuwihan jeung berkecukupan
Teu siga urang .. nu sidik hirup dina sagala keterbatasan

Ukur modal kawani jeung kanyaah nu jelas gede ka si eta

Urang pasrah kana kaayaan
Urang moal bisa maksa kanyataan
Najan isuk pageto peurih bakal kaasaan .. karna si eta indit ngajauhan

Urang Rido
Urang Ikhlas
Nyinghareupan

Ngan hiji kahayang urang
Urang hayang si eta .. hirup sehat dina hiji kabahagiaan
Naja kabahagiaana eta ..

Lain jeung urang …

   

Curhat - curhat II

Urang Ukur Bisa Jempe

Geus lila urang nyimpen rasa ka manehna
Manehna nu nyatana nyieun hate jeung pikiran urang kasiksa

Unggal poe kapikiran
Unggal peuting asup kana lamunan

Fix iemah
Urang jero kasieta !!!

Tapi urang teu bisa kukumaha
Urang ukur bisa jempe … nyimpen ie rasa dina jero hate
Karna jelas nyatana … sieta ges aya nu boga

Urang ukur bisa jempe

Karna lamun diungkapkeun
Pasti bakal piomongeun

Barinage lamun ku urang diungkapkeun
Sigana bakal pikahandeueuleun
Karna jelas nyatana … si itu bogoh pisan ka kabogohna

Urang ukur bisa jempe …
Najan ie karasa cape .. karna si itu jelas – jelas hare – hare

Dek nepi kairaha urang kie wae???
Teuing lah !!!


Nujelasmah …
Urang bertahan dina cinta ..
Cinta ka jelema .. nu jelas ges aya nu boga